7.5.11

Mentalna Urang Sunda

URANG Sunda sok muji ka Urang Padang: jago dagang. Urang Sundana sorangan sok mepehek diri sorangan, euweuh kaludeung kana dagang. Tuluy sok dipatalikeun jeung paribasa, bongkok ngaronyok bengkung ngariung. Leuwih hade cicing di lembur kajeun hirup walur
Padahal paribasa kitu teh teu cop alias teu relevan dipatalikeun kana mental usaha hiji seler, atawa hiji jalma. Pek we tingali, urang Tasikmalaya apan katotol tukang lunta ka nu jauh ti lemburna, ngadon usaha ngiriditkeun barang. Kuring boga babaturan di Makassar. Manehna nyebutkeun, loba urang Sunda cenah di Makassar nu baroga toko, tur asalna mah tukang kiridit ka kampung-kampung di Sulawesina teh. Ari urang Tasik apan eces urang Sunda, lin?
Jadi soal mental rajin usaha jeung ngedul usaha mah teu di urang Sunda teu di urang Padang. teu di urang Indonesia teu di urang Amerika. Eta mah geus prah sipat manusa. Ngan palebah dorongan wae. Aya anu tina ngedul tuluy robah jadi tanginas tur cingceung kana usaha, aya anu ngedul memang saumur ngedul sakumaha dipecutna ge angger we siga hees jeung hees kabeukina, aya anu memang ti leuleutik rajin tur tanginas, tapi teu munasabah deuih aya oge anu tadina rajin tuluy jadi pangedulan.

Keur urang Sunda saenyana aya paribasa ti karuhun urang anu raket patalina jeung soal ekonomi, anatara "Saeutik Kudu Mahi Loba Kudu Nyesa". Paribasa apan cocog pisan jeung palsapah bisnis alias usaha. Di sakola bisnis mana wae ge, rek di urang rek di mancanagara, sakuamaha nu kabaca tina litetarur, prinsip saeutik kudu mahi loba kudu nyesa teh geus jadi palsapah bisnis moderen. Basa akademisna mah meureun kudu efisien lebah ngagunakeun waragad, bari hasilna angger mucekil. Sanajan modal usaha kurat-karet, keur pangusaha anu tapis mah, pasti bisa makihikeunana. Atuh mun modalna sagala nyampak, geus pasti hasilna mucekil tur bisa ngeureut neundeun. Malah usahana tuluy mekar, nyieun cabang atawa usaha sejen.

Mental usaha, alias mental bisnis, memang patali jeung karakter atawa watek hiji jalma. Ngan palebah disakompetdaunkeun ka seler mah, upamana we seler Sunda mah teu boga karakter kana usaha, saenyana henteu merenah. Eta cenah palebah di Bandung mah loba urang Sumatera anu teu eraan daek usaha ngampar muka lapak, ari urang Sundana mah eraan, eta henteu merenah deuih. Geura di Jalan Malioboro, da teu saeutik urang Sunda anu daragang. Di Jakarta ge nyakitu.

Jalma anu hade atawa boga anleh kana bisnis, anu pangheulana katingali tina sipatna, nyaeta daekan, tanginas, sagala diulik, jeung nu pangpentingna, teu eraan. Tah ceuk para kampiun bisnis samodel Ciputra, Ram Charan jago bisnis urang India, atawa Jack Welch nu kungsi jadi bos General Elektrik, musuh nu sok ngahalangan ka urang pikeun ngalengkah rek usaha, saenyana musuhna the lain batur, tapi urang keneh, nyaeta gede kaera jeung gede kasieun.

Jadi, samemeh prak ngalarapkeun strategi usaha, metakeun modal, tur nangtukeun naon usahana, nu pangheulana kudu dilawan tur dipateni mah, era jeung kasieun keur ngamimitian. Sieun Era ku babaturan, era ku tatangga, era ku dulur, jeung sieun teu payu, sieun rugi. Cenah eta teh cucuk rungkang keur saha wae nu rek ngamimitian usaha.
Masih keneh ceuk para jawara bisnis samodel ceuk Ciputra, Ram Charan jeung jago-jago usaha ti Amerika Serikat, sanggeus bisa ngabinasakeun musuh nu ngaranna era jeung sieun tea, ti dinya kakara ngalengkah kana uteuk, nyaeta alat keur nangtukeun strategi usaha tur museur naon anu rek didagangkeun ku urang.

Atuh mun kitu mah kudu sakola luhur, nya?

Memang saperti Ciputra, atawa saha wae kampiun bisnis, atikan teh kawilang penting pikeun ngadorong saha wae anu hayang usaha. Ngan ulah salah harti, atikan di dieu lain hartina salawasna kudu sakola luhur. Malah Ram Charan, doktor ilmu bisnis anu elmuna diparake ku pangusaha-pangusaha jugala di AS, nandekeun kieu: kaparigelan bisnis euweuh patalina jeung sakola luhur di paguron luhur. Cindekna, sukses pangusaha euweuh patalina jeung kasangtukang pendidikan akademis. Kitu apan pok-pokanana sakumaha anu kaunggel dina bukuna: Know How, 8 Kaparilegan keur Pamingpin Sukses.

Memang omongan kitu teh lain sabongbrong. Puguh buktina. Geura we urang tataan, jalma-jalma anu sukses dina usaha, umumna malah suksesna teh sabada ngejat ti paguron luhur, ngarasa teu betah diuk dina bangku kuliah ngabandungan dosen ngabamblam. Bill Gates, Michael Dell, Anita Roddick.

Tiluanana apan katotol raja bisnis. Bill Gate, ninggalkeun Universitas Harvard demi ngulik Microsoft, tur ayeuna jadi jalma kahiji pangbeungharna sadunya ladang dagang sofware Microsoft. Michael Dell ge nyakitu, ngejat teu betah kuliah tuluy ngutak ngatik komputer, ayeuna jadi raja komputer merek Dell. Anita Roddick, wanoja Italia anu ngumbara ka Inggris tuluy nyoba-nyoba ngaramu tutuwuhan keur ngurus awak (kecantikan), nepi ka ayeuna The Body Shop, pausahaan kosmetik milik Anita katotol pangsuksesna sadunya.

Malah, apan ahirna kalangan akademisi tah nu kahutangan budi ku jalma-jalma samodel Bill Gates, Michael Dell, jeung Anita Roddick. Ayeuna apan bisa disebutkeun urang geus gumantung kana alat-alat samodel komputer plus sofware-na, kitu deui rek wanoja rek pria geus tangtu gumkantung kana kosmetik. Tangtu wae,boh komputer, boh sofware, boh kosmetik geus teu salawasna prdoduk Microsoft, Dell atawa Body Shop wae. Tapak lacak para kampiun bisnis bieu teh geus loba anu nuturkeun, kaasup ku pangusaha ti urang.

Urang Sunda geus boga kampiun-kampiun bisnis, copelna tingkat lokal tuluy ngupuk sacara nasional. Upamana wae pangusaha dodol Picnic, apan merekna dodol urang Garut ieu teh geus katotol, tuluy pangusaha warung sangu Ampera, katotolna geus lain di Jawa Barat wae, sabab cabangna di Jakarta ge geus kaimpungan ku selebriti. Ngan memang can ngajaul ka mancanagara. Kawasna, pangusaha-pangusaha lokal di tatar Sunda kudu geuwat boga implengan keur ngajaul ka tingkat regional, upamana wae katotol sa-Asia Tenggara we heula. Sabab pauasahaan-pausahaan di Jakarta ayeuna keur tatahar nuturkeun tapak lacak pausahaan-pausahaan di mancanagara, sangkan ulah jago kandang, tapi kudu tembus ka mancanagara. Pausahaan media samodel Kompas Gramedia, Ciputra, MNC (Sindo, RCTI, TPI), jeung grup Jawa Pos keur nataharkeun sangkan jadi pausahaan anu go internasional

1 komentar:

  1. ceuk sim kuring mah.....urang sunda teh kudu bisa ngarobah sikap mentalna, ulah kurung batok, pendidikannana kudu di tingkatkeun deui.....pan panglobana murid sakola anu DO ngan saukur lulus SD di jawa barat mah, terus persatuanana sasama urang sunda mah kurang.......jeung lain lainna deui.....

    hayu ah urang majukeun etnis sunda teh....ari lain ku urang mah nya ku saha deui atuh.....

    salam kenal wae ti abdi.

    BalasHapus

Tinggalkan Komentar Anda